HIDUP BAGAIKAN SAMUDERA, MAKIN KE TENGAH KIAN BESAR OMBAKNYA (Mr_Moed)

Friday, August 26, 2011

Unek Unek Mun Di Jalan

POLANTAS
Singkatan tina Polisi Lalu Lintas
Cenah mah boga tugas ngatur lalu lintas
Pados jalan lancar tartib tur aman
Naha ari kiwari loba anu katingali
Poho kana tugas
Lain ngatur lalu lintas
Lain mantu nini aki anu meuntas
Ngadon megat motor nu liwat
Panon bolor neangan supir nu molor
Ari angkot ngetem di pengkolan
Patumpuk jiga "taeun" gajah sabulan
Teu dipalire api-api teu katingali
Cing atuh tong kitu-kitu teuing
Tong poho kana tugas utama
Keun we atuh
Motor anu euweuh tutup pentilna
Da moal matak tiguling ieuh
Keun we atuh
Supir anu teu make sabuk
Da lain mobil manehna
Tah kitu bapa polantas
Sing ngarti kana tugas
Lamun masih teu ngarti keneh
Berarti eta nu namina oknum tea
Hapunten anu kasuhun
Hatur nuhun ti simkuring
Jalmi anu osok ngukur jalan
Ti wetan ka kulon
Ti kulon ka wetan
Wassalam


Tangerang - Serang
via balaraja
Mr_Moed, 20 Agustus 2011


No comments:

Post a Comment