HIDUP BAGAIKAN SAMUDERA, MAKIN KE TENGAH KIAN BESAR OMBAKNYA (Mr_Moed)

Thursday, November 24, 2011

Cinta Urang

Duh kakasih hate
Anu kamari ngaragragkeun hanjeluna kana cimata
Kuring rek cumarita dina ieu sajak
Carita cinta nu karandapan ku urang duaan
Dina sataun anu kalima na
Urang babarengan di alam marcapada
Karek ayeuna cinta urang lir ibarat pasawahan
Anu ngan saukur ngarepkeun
Kukadatanganana panon poe jeung cihujan
Taya gemuk sabukur bukur acan anu kaawur
Kana sakujur awak pirang pirang sawah
Nineung kana pangawuran
Nineung kana panyeboran
Anu sakumaha baheula dilakonan
Taya kaliwat kuurang duaan
Tapi uyuhan pare teh jadi oge
Ngambul ngajaul ngajangkungan
Nerekab mahabu disaenggoning pasawahan
Sanajan teu kacipta
Kumaha jadina engke eta pare
Jadi beas atawa henteuna kuring teu apal
Ngan Gusti nu Maha Uninga
Kuring gimir kudu lumpat tina takdir
Kuring ngan ukur ngarep-ngarep
Kana panen kabagjaan keur urang duaan


Tasikmalaya,  04 Agustus 2001
Mr_Moed  01:30 WIB


No comments:

Post a Comment