HIDUP BAGAIKAN SAMUDERA, MAKIN KE TENGAH KIAN BESAR OMBAKNYA (Mr_Moed)

Monday, April 18, 2011

Jalan Pangharepan

Cahya bulan nu nyaangan
Disagigireun jalan pijugjugeun
Nutur-nutur nganteur pangharepan
Muru rizki moro ridho illahi
Lampah ngarah katugenah
Pikeun hirup pikahareupeun
Lain keur kuring sorangan
Lain keur urang duaan
Tapi hiji amanah nu dipaparin ku gusti

Duh kasep kakasih hate
Duakeun indung bapa anjeun
Mugia tiasa ngajaga
Pancen tinu Maha Kawasa


Tasikmalaya, 15 April 2011
Mr_Moed  19:30

No comments:

Post a Comment