HIDUP BAGAIKAN SAMUDERA, MAKIN KE TENGAH KIAN BESAR OMBAKNYA (Mr_Moed)

Wednesday, April 27, 2011

Manuk Berkongkong

Ada satu cerita berbahasa sunda yang pernah saya baca ketika saya masih di bangku  kelas 3 MI / Madrasah Ibtidaiyah (setara dengan SD), sebelumnya saya mohon maaf apabila cerita berikut tidak bisa dimengerti oleh sebagian orang dan saya tidak bermaksud menyinggung masalah ras/suku karena ini adalah cerita rakyat sunda yang memang pernah saya baca, dengan tidak merubah alur cerita namun ada sedikit modifikasi bahasa dan nama pemeran karena sedikit lupa dan bukunya juga entah kemana saya haturkan kepada anda untuk dibaca. Mangga.......

Manuk Berkongkong

Dicaritakeun di hiji lembur anu jauh kaditu kadieu jauh ka dayeuh jeung jauh katatangga, lamun ditingali tina kapal mah imah teh jiga nu keur parasea we pajarauh huma ibaratna mah sakilometer hiji imah teh. Kaendahan alamna moal aya tandingannana, sawah anu ngampar hejo jeung gunung anu jangkung ngajul langit. Hirup hiji jalma anu getol nyiar napakah keur kulawargana sebut we ngarana si Kasep, nyorangan indit ka dayeuh niat ngajual sapu injuk jeung sapu nyere hasil nyieun sorangan sapoe jeput di lembur tukangeun imah. Sapoe sapeuting jarak anu dijugjug ti lembur ka dayeuh bari ngeureuyeuh si Kasep leumpang mamanggul sapu jualeun jeung sirahna teu leupas tina dudukuy, nepi ka dayeuh teh tengah peuting jalan ge poek poek acan bari jeung sepi euweuh sasaha, kolesed weh si Kasep teh diuk handapeun lampu jalan, teu lila nangtung deui terus nilik-nilik ningali kana eta lampu bari jeung kurang kerung si Kasep ngomong "naha aneh ieu mah lampu cempor teh, mana sumbuna ? timana minyakna nya ? " nyacap kapanasaran si Kasep terus ngarojokan lampu jalan ku sapu bari jeung terus tatanya kana diri sorangan timana minyakna cenah.
Dasar sial nasib si Kasep pas keur ngarojok-rojok lampu jalan ku sapu injuk jualeun, naha ari lep teh lampu sakabeh dayeuh pareum, atuh si Kasep reuwas kacida "aduh naha pareum nya....atawa gara-gara ku aing dirojokan jadi pareum kabeh kitu....? aduh...!?. Sieun disalahkeun si Kasep lumpat satakerna ka arah  kulon mapay jalan kareta. Ti kajauhan Upas ningali kareta ngagorowok ti arah wetan, pon kitu deui reuwas ningali aya jalma keur lumpat dina rel, atuh geuwat-geuwat eta si Upas niup piriwit maksudna mah ngabejaan supaya ingkah tina rel..."priiitt...priitt...priiit!! " si Kasep reuwas kacida, sangkaan manehna mah kapanggih Upas yen manehna anggeus mareuman lampu sa dayeuh  "aduh...aing kanyahoan yeuh" gerentes hate si Kasep, atuh lumpatna nambah ngagancangan da sieun di tewak Upas. Upas ngudag bari jeung terus miriwitan..."priit...priit.. kasisi euy...!!" ceuk Upas.
Saking kusieunna katewak ku Upas, keur lumpat tarik si Kasep teh titajong kana bantalan rel, ari geblug teh labuh..plok teh beungeutna tikusruk namplok kana gundukan anu rupana jiga taneuh "aduh...naon ieu nya ?" ceuk si Kasep, can ge kanyahoan namplok kana naon eta beungeutna, Upas geus aya tukangeunnana hahhehhoh bari jeung ngomong "hmhh...ka udag siah maneh....kunaon maneh lumpat ?" ceuk Upas ka si Kasep. Bari jeung sieun si Kasep teu eleh geleng " ieu pa nuju ngungudag manuk..." bari jeung geuwat nuruban gundukan tadi ku dudukuy. "baruk...manuk ? manuk naon ? " ceuk Upas nanya, sihoreng Upas teh geuning resep pisan kana manuk. si Kasep ngajawab bari jeung gagaro sirah "muhun manuk, manuk....berkongkong pa". Upas bingung, "asa karek ngadenge ngaran manuk teh" , "muhun pa, manuk langka ieu mah" ceuk si Kasep. "Arek dijual sabaraha ? " ceuk Upas. "Tadina mah moal di ical ieu teh pa, tapi daripada nyapekeun abdi mangga we saharga sapuluheun sapu injuk" si Kasep ngajawab. "sabaraha eta teh" Upas malik nanya, "30 rebu" ceuk si Kasep. Kusabab Upas resep kana manuk nya langsung harita keneh manuk berkongkong teh dibeuli, "mawana kana naon ieu teh?" ceuk Upas , si Kasep ngajawab "kurungna ku abi dikantunkeun di lebak, ke wang dicandak heula, tapi kahade nya ieu manuk teh teu kaop ningali liang sok langsung hiber".
Ahirna si Kasep indit ninggalkeun Upas jeung dudukuyna anu nuruban manuk berkongkong tea. Sajeroning nungguan anu nyokot kurung Upas kukulutus sorangan "kamana anu nyokot kurung teh nya...lila pisan. dihakan jurig kitu nya...?" . Kusabab lila nungguan Upas panasaran kana manuk anu dituruban ku dudukuy, bari jeung ngasupkeun leungeunna kana jero dudukuy Upas ngararasakeun  bungkeuleukna manuk berkongkong, "naha manuk teh hipu, haneut, keusrak deuih" gerentes hate Upas. Nyacap kapanasaran dudukuy arek dibuka tapi teu kaburu da sora kareta geus deukuet tukangeun tonggong, ari gajleng teh Upas luncat ka sisi rel bari jeung polohok ningali manuk berkongkongna paburisat kahebos ku kareta. Horeng simana horeng geuning manuk berkongkong teh taeun munding, bari jeung ambek kana tukang sapu Upas kukulutus "si bedul...aing ditipu tukang sapu, sugan teh heueuh manuk nyatana mah geuning taeun munding....mmhhh nasib-nasib"

No comments:

Post a Comment